Assalamualikum wr.wb
(Do'a Pamuka)
Girang pangajen nu dipihormat, bapa
ibu guru nu dipihormat, teu hilap rerencangan sadaya nu ku sim kuring
dipihormat. Teu kendat-kendat hayu urang sami-sami muji syukur kanu maha agung,
mumuja kanu maha kawasa , anu tos masihan ni’mat ka urang sadaya, dugi ka urang
sdaya kana ieu waktos ieu pisan tiasa riung mungpulung, paamprok jonghok,
patepang raray dina kaayaan sehat walafiat .mugia tepungna urang sadaya
nambihan raketna tali silaturrahmi sumaduluran nu kenging ridho ti gusti nu
maha suci.
Rohmat
sinareng salam mugia salamina tetep ngocor ngagolotor ka jungjunan panutan
urang sadaya Habibana wanabiyana Muhammad SAW. http://elmaselviani.blogspot.com/ Teu kakantun ka kulawargina,
sohabatna, tug dugi ka urang sadaya salaku umatna anu insyaallah tetep satia
kalawan satuhu ka mantenna. Amin ya rabbal alamin..
Girang
pangajen miwal hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
Wabil husus ka rengrengan panitia LKSAK, OSIS SMAN 2 Kuningan
taun pangajaran 2010/2011. Sim kuring ngahaturkeun rebu nuhun nu teu aya wates
wangenna, rehna panitia parantos lumuntur kalbu , jembar manah kanggo ngayakeun
pasanggiri biantara basa sunda, tawis micinta kalawan mireueus kana basa sunda.
Dina
kasempatan ieu salaku patandang ka dua,bade ngiring jabung tumalapung, ilu
biung ngiring manggung, patandang makalangan dina pasanggiri biantara bsasa
sunda.
Judul anu bade dibantun ku sim kuring nyaeta :
“Perluna Basa Sunda diajarkeun disakola”.
Kunaon basa sunda teh perlu diajarkeun disakola ?
Kahiji.
Margi basa sunda teh basa daerah anu kedah di mumule ku urang sadaya salaku
warga sunda. Kumargi di jaman ayeuna nu di sebat jaman modern, basa sunda nu
sok di sebat basa indung teh, sok kaluli-luli, ka hihilapkeun, atanapi kalindih
ku majuna jaman. Geuningan ayeuna mah seueur wargi urang anu ngabiasakeun
putrana nyarios ku basa indonesia. Wireh nyarios ku basa indonesia teh gaduh
anggepan langkung hebat, langklung modern. Nanging, sanaos nagara netepkeun
basa indonesia jadi basa kanagaraan, basa sunda mah kudu tetep dijaga. Salah
sahiji cara pikeun nanjeurkeun basa sunda nyaeta , basa sunda kedah diajarkeun
disakola, dikenalkeun ka para rumaja nu bakal ngawarisan budaya daerah.
Lamun ku
urang di bandungan dina kahirupan sapopoe, katingalina para rumaja ayeuna
seueur anu kirang wanoh kana basa sunda. Henteu sadaya rumaja di Jawa Barat
ngagaduhan sikep sapertos kitu. Tapi hal ieu teh kedah janten kaprihatinan
urang sadaya. Margi, saha deui anu bakal miara basa sunda upami sanes urang
sadaya. Ulah nepi ka urang sunda teu wanoh kana basa sunda. Kacida
teungteuingeunana upami hal eta karandapan ku urang sunda .
Anu kadua.
Ngagunakeun basa sunda anu leres teh kacida sesahna, margi dina basa sunda mah
aya undak usukna.
Girang pangajen anu ku sim uring dipihormat
Kunaon geuning nganggo undak usuk basa ? anu dimaksad nyaeta
pikeun silih hormatan, silih ajenan dina nyorang hirup kumbuh di
lingkungan masyarakat. Undak usuk ieu
anu biasana janten alesan para rumaja hususna, urang sunda umumna kirang reueus
kana basa sunda. http://elmaselviani.blogspot.com/ Saurna basa sunda teh hese dilarapkeun dina kahirupan sapopoe.
Saurna basa sunda mah teu ngindung ka waktu, teu ngabapa ka
jaman, sareng rea-rea alesan sejenna.
Anu katilu,
basa sunda di ajarkeun di sakola supados para siswa tiasa ngagunakeun basa
sunda nu leres. Tiasa ngalarapkeun undak usukna, unggah ungguh anu luyu sareng
tatakrama basa. Hormat ka batur, ka saluhureun sareng ka sahandapeun. Ieu teh
sanes hartina basa sunda teu demokratis, tapi nunjukeun aje luhur tina basa
sunda anu ngahargaan ka sasama. Ulah nepi ka undak usuk basa teh janen
panghalang pikeun ngagunakeun basa sunda dina kahirupan sapopoe.
Girang
pangajen miwah hadirin anu ku sim kuring di pihormat,
Katilu
alesan tadi, ngandung maksud malah mandar para siswa miwah urang sadaya salaku
warga sunda, terang yen basa ka sastra sunda teh teu sagawayah di ucapkeun,
tapi kudu di teang heula elmuna nu ngaliwatan widang atikan atanapi didikan di
sakola. Ieu teh hiji tawis netelakeun supados basa sunda katut sastrana nanjeur
komarana, nanjung umurna, kamashur ka un ggal lembur , ka koncara sa nusantara,
sok komo ka mancanagara.
Sakitu pedaran anu tiasa kahatur . sok sanaos kaayaana masih
tarahal , kirang undak usukna atanapi kirang entep seureuhna. Ieu mah
etang-etang diajar malar lancar. Mugia nu didugikeun ku sim kuring tiasa
mangpaat.
Saninten buah saninten
Ayana di parapatan
Hapunten abdi haputen
Bilih aya kalepatan
Gunung luhur gunung luhur
Karangsari kaliwatan
Amit mundur, amit mungkur
Sim kuring neda pamitan
Wabillahi taufik walhidayah, wassalamualikum wr wb
Tak bosen - bosennya saya ingetin, jangan copast tanpa mencantumkan sumber yaa >>
http://elmaselviani.blogspot.com/
http://elmaselviani.blogspot.com/
Semoga bermanfaat.
Mugia tiasa mangpaat, boh kanggo tugas atanapi referensi, jsb.